Minggu, 05 September 2010

NARIMA CALON PANGANTEN

I. PURWAKA CARITA :
1. Assalammualaikum Wr. Wb
2. Bismillah……..Rbbish rochli……
3. Puji syukur……Sholawat………..

Garapan pihatur anu munggaran sim kuring ka utus janteun sulur saur pun, dulur kaperih pati ku kulawargi, kangge ngadugikeun sabda pangwaler kana naon naon anu parantos di lisankeun ku pangersa sulur saur sepuhna cep……pangersa bapa…..kalih ibu……, namung sateuacan kebat nyasumanggem bawi raos aya keupat lengkah anu salah aya saur ngawur kalimah kirang merenah teu raos kana manah, nu ngajantenkeun tugenah mugi ageung cukup lumur jembar sih hapunteuna
Pangeursa ibu ibu kalih bapa bapa hormateun sim kuring, nembe ku urang sadaya kasaksi naon naon anu parantos dilisankeun dina pedaran maksadna juru saur, anu sanes bae bade silaturahmi, namung aya maksad anu utami nyaeta sejak meungkeut pangeuh ku ka deudeuh, mangkek simpai baraya ku kanyaah, maksad matri tali kawargi ku kaasih ku dipundutna, pun anak kangge janteun istri cep…. Putra pangeursa bapa….kalih ibu ….., ku eta peudaran maksad juru saur sim kuring ngaraos bingah, ngaraos bagja, bingah raos ka gunturan madu, raos karagragan darajat, raos kenging barokah, lir srangenge meletek na hate lir katumbiri nutug na ati, reh na pun anak aya nu mileuleuheung keun malih pangersa bapa…..mercanteunkeun ka sim kuring kangge nikah keun putrana ka pun anak, sakanteunan sareng ngatik ngadidikna . Namung hapunteun ieu kabingah, kabagja anu pinuh ku hareupan teh bet asa laas kacandak limpas, asa nyingrai asa purai kalindih ku ka isin, kahalang kurasa era parada, janteun rungga dina dada, malah nyaliara sabudeur raga, ieu rupina ku tina rasa rumasa nampi tamu lalawora, mela melu ka utama tebih ti kecap sampurna, eta anu janteun margi, sim kuring neda dihapunten dina sagala kateledoran. Salajengna saperkawis tadi juru saur ngebrehkaeun sagala kakirangan kakirangan sareng ka laipan cep….., anu masih suwung ku elmu, suda ku pangabisa, deukeut deuleu pondok lengkah, dina lampah sok gagabah, kalih perkawis, pisanggeumna ieu rombongan istri istri najan ginding, estuning ngaligincing, taya pisan nu di jinjing, taya rinjing nu digawing, taya bongsang nu di bandang, teu besek nu dikelek. Bapa bapa pon nyakitu najan gandang tapi keupat ngagandeuang , heunteu nyuhun nanggung barang, komo nu mangrupi uang, sumping sanes nyandak oleh oleh tambi isin, tapi nambihan ka isin.
ibu ibu kalih bapa bapa hormateun sim kuring, dina perkawis ngalaipeun anjeun, eta mah senina urang sunda, tawis jalmi lantip ati ditambih pinuh pangarti, tebih tina sipat adigung kumulungkung, ieu aing uyah kidul, rupina sawios cep……, dicarioskeun sagala kakirangan nana supados katingali punjulna, upami dina kai mah dilesotkeun kulitna, di peusek dagingna supados eces katingali galeuhna peun.
Atuh dina cacandakanana mangrupi tawis ka deudeuh tilang kamelang kangge pun anak, bujeng bujeng ayeuna ku sim kuring katingali sakitu ridu ku bubungkusan, rebo ku cacandakan, malih dibungkus dipusti pusti, nu ningal pada kataji, tah dina lengohna oge teu sawios wios, anu peunting cep…..anu janteun kembang puputon, parantos sumping damping, diiring para pangaping, dijajap ku sanak baraya, di diwuwuh ku para sepuh, ieu anu paling utami, nu di anti ti kamari ku pun anak…..anu janteun buah ati.
Ibu ibu bapa bapa hormateun sim kuring, bilih keuna kupari paos masing asak ngejo, bisi tutung tamagana.” masing asak asak nempo bisi kaduhung jagana. Kitu deui dina ngitenan jati diri pun anak, upami di tingal tina keureut tina karat, tina kalbu, sareung kaliberna estu pihoncewangeun calon caroge kapayuna,
1. Di tingali tina keureut, hartosna rupi, pun anak sanes bintang film, bintang sinetron, sok sanaos numutkeun sim kuring, pun anak the geulis, malih janteun srikandi sa bumi, janteun subadra sa imah, matak ka pengpeongan putra panengah pandawa nya buktosna cep…..
2. Karat, hartosna kualitas ka elmuan nana,hapunteun pun anak , henteu luhung ku elmu, heunteu jembar ku pangabisa, teu heurin ku pangarti, gaduh sa eutik elmu, mung ekeur dirina, estuning seueur pisan kakirangan nana
3. Kalbu, maksadna hate, sipatna, ta’biatna, hapunteun pun anak masih didikeun, kirang lantip dina ati, kirang jembar dina rasa, kirang leuleus jeujeur liat talina, aya semu kirang lucu, aya lampah anu salah, aya budi nu teu uni, kirang didik dina agami, jalaran kitu, mugia pangersa bapa….kersa luntur galih dina ngadidikna.
4. Kaliberna, hartosna turunana, pun anak sanes turunan anu jumhur ku elmu, jembar ku pangabisa tur ta jugala ku harta, heunteu luhur tangtung gede dunya, sanes teurah menak luhur pangkat, estuning pun anakmah rundayan rahayat biasa, teu aya anu tiasa di agulkeun, Parandene kitu teu pisan pisan seja ngabenkeun dina keureut dina karat dina kalbu sareng kalibeurna antawis pun anak sareng tuang putra, ieu mah mung seja ngawujudkeun, cita cita (rencana) barudak anu hoyong ayang ayangung ka bale nyungcung, ngahiji dina laki rabi, anu dicangcang ku akad nikah, kapan ari pernikahan the aya tilu dina tujuan

- Kahiji ibadah ka Allah anu janten pangeran
- Dua seja ngawujudkeun kateuntreman, kaendahan, kaharmonisan,kakuatan tur ta ka agungan anu didadasaran ku ka taqwaan
- Tilu seja ngarundaykeun turunan atanapi anak baranahan,maksadna supados lestari, aya na manusa di ieu alam dunia supados tiasa ngalahirkeun turunan anu langkung unggul langkung punjul, batan ibu sinareung ramana, supados tiasa nyiptakeun turunan anu nyepeng amanah ti Allah nyaeta amanah kapamimpinan, kanggo nata ieu alam dunya supados tiasa subur makmur gemah ripah lok jinawi tur ka jagi kalestarian ieu alam.
Ibu ibu bapa bapa hormateun sim kuring, rupina kangge kacindeukan ieu pamasrahan calon panganten pameugeut nyaeta cep……, sejak di tapi ku asta kalih disangga kalingga murda, di picinta kusadaya kulawarga utamina ku pun anak neng……. Pon kitu deui dina cacandakan nana di tampi kalayan kabingahan, tur mugia ngarupikeun amal soleh ka pangeursa bapa…kalih ibu…..,
Bawi raos pisanggeum sim kuring anu janteun sulur saur pangeursa pun …., di lalap ceukap, tina bobo sapanon carang sapakan, neda kajeumbaran manah, ibu ibu sinareung bapa bapa sadaya,
Bilahi taupik…………..
wassalam
NARIMA CALIN PANGANTEN